Humor Sunda

Bu guru nuju ngajar bhs. Sunda.

Bu Guru : " barudak sato naon nu huruf awalna .. K ? "

Murid murid caricing, terus *Acunk* ngacung

*Acunk* : " KUDA, bu guru.."

Bu guru : " pinteeeerrr... maneh *Acunk* "

Bu guru : " coba deui sato naon nu awal hurufna M ?.."

*Acunk* ngajawab deui : " MUNGKIN KUDA, bu guru..."

Bu guru : " *Acunk* anjeun di strap nangtung di hareup !!!...."

*Acunk* maju, distrap dihareupeun kelas

Bu guru : " sakali deui nya ...sato naon nu huruf awalana huruf W ? "

Murid murid caricing teu aya nu wantun ngajawab ..

*Acunk* ngomong lalaunan bari ngaharewos..:" WIOS KUDA ..?"

Murid murid nu lain ngakak sareuri 😁😁😁....

Bu Guru..: .cicing maneh *Acunk*

Bu Guru : cik lamun ayeuna tina huruf J naon ?

Si *Acunk* ngageurenyem...
JIGANA KUDA....

Bu guru jengkel : "
*Acunk*...anjeun kaluar kelasnya !!.."

kelas jempling sieuneun distrap.

Bu guru : " lanjut deui nya..sato naon nu huruf awalna ...R?."

*Acunk* noong tina jandela bari ngomong " ROMBONGAN KUDA... Bu guru !!! "

Wuuuuuuuuuuuuuussssss pamupus ngalayang kena sirahna *Acunk*...

Bu Guru : "Teraskeun deui nya barudak, hewan naon nu huruf awalna G?"

*Acunk* ngajawab bari ngagorowok handapeun tiang bendera :"GEUS PASTI KUDA lahh..! masih wae ditanyakeun..!!!".

Bu Guru pingsan

Comments

Popular posts from this blog

jenis-jenis Sistem Transmisi mobil

Kudeta Jokowi Mulai Tercium Oleh Prabowo Subianto

Jumlah rakaat shalat tarawih sesuai tuntunan